18/03/2021
——
DUA PULUH AMANAH KOLOT :⠀
⠀
1. Sholat awal waktu⠀
2. Ulah eureun néangan elmu⠀
3. Ulah nyia-nyiakeun waktu.⠀
4. Ulah eureun néangan babaturan⠀
5. Pertahankeun Aqidah anu Murni⠀
6. Lamun hayang maju ulah eureun mikir⠀
7. Lamun hayang maju kudu daék capé⠀
8. Ulah embung disebut bodo⠀
9. Ulah embung disebut sahandapeun⠀
10. Sagala nu tumiba ka diri gara-gara diri⠀
11. Ubar diri aya di diri⠀
12. Euweuh nu nyaah kana diri kajaba anu boga diri⠀
13. Harga diri kumaha diri⠀
14. Ari ngitung kudu ti hiji ulah ujug-ujug angka salapan⠀
15. Mun keur nyieun pondasi tong sok waka mikiran kenténg⠀
16. Sanajan teu lumpat tapi ulah cicing⠀
17. Sagedé-gedéna jalan syaré'at ulah matak ngurangan tawakkal ka Alloh⠀
18. Tong leumpang dina hayang, tong cicing dina embung, tapi kudu lempang dina kudu, kudu eureun dina ulah⠀
19. Tong lésot haté tina éling ka Alloh dina kaayaan kumaha waé, sedih, susah jeung bungah⠀
20. Sarébu sobat saeutik teuing, hiji musuh loba teuing. ⠀
⠀
Teu kedah IZIN bade ngabagikeun mah mangga.. Mugi sing Aya Manfaat na Kanggo nu Maca sreng nu NgaSHARE Hatur Nuhun 🙇🙇️🙏⠀
⠀
⠀⠀⠀
⠀⠀⠀
cag ah bagikeun⠀⠀⠀⠀⠀⠀
⠀⠀⠀⠀⠀⠀⠀⠀⠀⠀⠀
➖➖➖➖➖➖➖➖➖➖➖➖➖➖➖⠀⠀⠀⠀⠀⠀⠀⠀